Kamis, 08 November 2012

Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun.Bisa dihartikeun ogé salaku ngolah tanah atawa tatanén.Kécap culture ogé bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.